Cék Ninina, “Kabayan ulah héés beurang teuing, euweuh pisan gawé sia
mah, ngala-ngala tutut atuh da ari nyatu mah kudu jeung lauk.”
Cék Si Kabayan, “Ka mana ngalana?”
Cék ninina, “Ka ditu ka sawah ranca, nu loba mah sok di sawah nu meunang
ngagaru geura.
Léos Si Kabayan leumpang ka sawah nu meunang ngagaru. Di dinya katémbong
tututna loba, lantaran caina hérang, jadi katémbong kabéh. Tututna pating
golétak. Tapi barang diteges-teges ku Si Kabayan katémbong kalangkang langit
dina cai. Manéhna ngarasa lewang neuleu sawah sakitu jerona. Padahal mah teu
aya sajeungkal-jeungkal acan, siga jero sotéh kalangkang langit. Cék Si Kabayan
dina jero pikirna, “Ambu-ambu, ieu sawah jero kabina-bina caina. Kumaha dialana
éta tutut téh? Lamun nepi ka teu beunang, aing éra teuing ku Nini. Tapi éta
tutut téh sok dialaan ku jalma. Ah, dék dileugeutan baé ku aing.”
Geus kitu mah Si Kabayan léos ngala leugeut. Barang geus meunang,
dibeulitkeun kana nyéré, dijejeran ku awi panjang, sabab pikirna dék ti
kajauhan baé ngala tutuna moal deukeut-deukeut sieun tikecebur. Si Kabayan
ngadekul, ngaleugeutan tutut méh sapoé jeput, tapi teu aya beubeunanganana,
ngan ukur hiji dua baé. Kitu ogé lain beunang ku leugeut, beunang sotéh
lantaran ku kabeneran baé. Tutut keur calangap, talapokna katapelan ku leugeut
tuluy nyakop jadi beunang. Lamun teu kitu mah luput moal beubeunangan pisan,
sabab ari di jero cai mah éta leugeut téh teu daékeun napel, komo deui tutut
mah da aya leuleueuran. Di imah ku ninina didagoan, geus ngala salam, séréh
jeung konéng keur ngasakan tutut. Lantaran ambleng baé, tuluy disusul ku ninina
ka sawah. Kasampak Si Kabayan keur ngaleugeutan tutut.
Cék ninina, “Na Kabayan, ngala tutut dileugeutan?”
Cék Si Kabayan, “Kumaha da sieun tikecebur, deuleu tuh sakitu jerona
nepi ka katémbong langit.”
Ninina keuheuleun. Si Kabayan disuntrungkeun brus ancrub ka sawah.
Cék Si Kabayan, “Heheh él da déét.”
Tidak ada komentar:
Posting Komentar