"Kereteg Hate"
Cahaya bentang pating gurilap, bulan imut ngagelenyu ninggali
kuring keur diuk di jandela kamar bari ngainghak ceurik, angina ngahiliwir
karasa tiis, peuting ieu bet meuni asa endah katempona, tapi kunaon hate kuring
bet meuni asa ripuh, rasa kaambek geus pinuh na ubun-ubun, kuring hayang
ngambek tapi teu bisa, meureun kusabab kuring awewe jadi naluri kuring leuwih
gede tibatan rasa amarah. Sarebu tanya minuhan pikiran kuring, naha bet ibu
sareng bapa jadi teu ngawidian kuring ngilu pasanggiri eta, teu pira ngan
saukur nulis jeung mikir, asa ku araraneh. Leuheung lamun diulahkeunnana the
mun kuring ngilu pasanggiri model anu gutak gitek di catwalk, kuring ge
rada kaharti mun kitu mah, mung ieu mah aduh… ah pararusing, dug sek kuring ngarungkup
dina simut.
Kongkorongooook….
Tok,tok,tok….
“Teh gugah atos siang” kadenge sora indung kuring ngagero
bari ngetrokan panto, kuring ngaleret kana jam, “Aduh jam 05.00” kuring
reuwas, henteu bisaana kuring hudang sabeurang kieu kuring nangtung tur muka
panto bari wegah mun kuring keur teu solat jeung sakola mah mereun kuring
moal kaluar ti kamar sapopoe, arek jadi nyi komar we ha,ha. Kuring kaluar ti
kamar tungkul bari jamedud, “Cu, kunaon bageur meuni jamedud kitu?” pok bapa
kuring nanya, kuring ngan saukur imut ngagelenyu bari wegah, “Neng geulis, ibu
mah teu ngawidian teh lain ulah tapi ibu nyaah sieun Neng kunanaon, apan Neng
teh anak nu dipika deudeuh ku ibu sareng bapa jadi mataksieun lamun aya nanaon
mangkaning Jogjakarta teh lain tempat anu deukeut”. Indung kuring ngadeukeutan
bari ramisak ceurik, hal anu teu bisa ku kuring ditempo teh nyaeta nempo ibu
jeung bapa kuring ngaluarkeun cimata. Kuring nangkeup indung kuring tur pok
ngomong “Ibu, Neng moal ngiring upami ibu sareng bapa teu ngawidian mah,
hampura Neng tos salah paham ka ibu sareng bapa”. Kuring ngilu ceurik nginghak
“Jung cu, jung bapa sareng ibu ngawidian demi kasuksesan Neng, doa ibu sareng
bapa aya dina tiap langkah Neng”. Kuring bingah, kuring jangji moal ngecewakeun
ibu sareng bapa, kuring pasti berjuang.
* * *
Braaaak… kadenge aya nu ngebragkeun meja “Nisaaaaa….kerjakeun
soal dihareup, ngalamun wae” kuring reuwas, katempo dosen kuring geus nangtung
hareupeun kuring bari melak cangkeng, kuring karek nyadar yen tadi kuring keur
ulin ka hayalan jaman baheula basa kuring SMA, ayeuna kuring geus jadi panulis,
3 novel jeung 1 kumpulan carpon kuring geus di publikasikeun jeung meunang
respon anu alus ti masarakat. Kuring Annisa, umur kuring ayeuna 20 taun, kuring
kuliah di salah sahiji universitas di kota Bandung jurusan Sastra jeung Bahasa
semester 4. “Nisaaa hayoh kahareup cicing wae !” dosen kuring ngambek, kuring
buru-buru ngajawab bari tungkul sieun “Tapi pa, kuring teu acan paham” ayeuna
dosen kuring ngaleret ka sakabeh murid nu aya di kelas “Sok, saha anu arek
ngabantuan Nisa ngerjakeun soal di hareup?” tantang dosen eta, jep sakabeh
murid jempling “Kuring Pa” ceuk hiji sora ti tukang, kuring ngaleret ka tukang
wahh… saha eta anu arek ngabela kuring, aya rasa atoh dina hate kuring
sabab kuring aya nu ngabela. Sangges kajadian eta kuring jadi deukeut jeung
jalma anu ngabelaan kuring kamari, jalma eta teh ngarana Sam, bisaa di sebut
kitu tapi ngaran aslina mah Samuel cenah.
Jadwal kuliah geus beres, kuring buru-buru rek balik tapi pas rek kaluar
gerbang kampus, breeeetttt,, hujan gede jadi kapaksa kuring ngiuhan heula, muga
we hujanna sakeudueng, “Nisa…” kuring reuwas, aya anu nepak taktak kuring, “Eh”
kuring ngereret “Ah, Sam geuning, aya naon?” kuring bingung nempo manehna aya
didieu oge, “Gak apa-apa ko Sa he,he” manehna imut, aduh meuni lucu
katinggalina, aduh kuring mikir naon sih, entong kitu Nisa hayoh istigfar. Sam
lain asli urang Sunda, manehna katurunan Tionghoa jadi teu aneh lamun panonna
rada sipit tur kulitna bodas, manehna can rada bentes ngomong sunda jadi
bahasana sakapeung campuran, Indonesia jeung sunda. Kadenge sora adan
ngumandang kuring niat arek solat heula bari nungguan hujan, “Eh Sam, punten
Nisa bade awoh ashar heula nya ka masjid” kuring ngaleos ninggalkeun Sam anu
katempona rada bingung ngartikeun omongan kuring bieu.
Di mesjid
kampus
“Assalamualaikum wr.wb” astagfirullah, kuring ngajenghak reuwas
pas salam kadua tanda beres solat pameunteu kuring pasangrok jeung pameunteuna
Sam, aduh ti iraha budak ieu di dieu, ;’Haaah, Sam ngareureuwas” kuring
ngagebug leungeunna “Sam terang timana Nisa aya di dieu? aduh make kadieu sih
ieu budak pan ieu mah tempat khusus akhwat” kuring ngomong bari nyiwit pipina
“Aduh Nisa sakit” ceuk manehna bari ngusap pipina nau di ciwit bieu ku kuring,
kuring ngan bisa seuseurian nempo manehna nyerieun, ha,ha.. “Nisaa kamu lagi
apa tadi? Ko pake baju putih kaya pocong aja, hi,hi” manehna nanya bari ngeleg
“Ih Sam, (kuring jamedud) tadi kuring solat, solat teh ibadah anu wajib di
laksanakeun ku sakabeh umat muslim, kin cerita lengkepna di jalan we nya isin
di dieu mah seueur jalmi” kuring jeung Sam tuluy indit kaluar. Loba pisan
pertanyaan anu di ajukeun ku manehna ka kuring soal agama, kuring malum da
kuring jeung manehna mah beda agama, agama manehna mah keristen.
Lila beuki lila kuring jadi deukeut jeung manehna, aya rasa anu beda dina hate
Lmun kuring ninggali raray na, kuring bingung rasa naon eta, nu jelas rasa ieu
hoyang pisan lamun nempo manehna bagja. Kuring leumpang ka kelas bari ngabogaan
rasa bagja, sabab rek papanggih jeung pujaan hate anu dipikaheman geus saminggu
kuring teu papanggih jeung manehna, sugan we poe ieu mah aya. Satepina di
kelas, kuring lurat-leret ka sakuriling kelas tapi teu katempo anu di
tutungguan teh, ah meureun can datang hate kuring ngabatin. Bet aya rasa
karingrang ngarungkupan. Kaluar ti kelas, kuring buru-buru ka kost an, jarak ti
tempat kuliah ka kost an kuring teh deukeut. Jadi, bisa kalampah ngan saukur ku
leumpang. Rencana na ti kost an kuring rek neang Sam ka imah na, sieun aya
kajadian nu teu dipikahayang nimpa ka manehna, das sms kuring teu di bales,
telepon oge teu di angkat.
Tok,tok,tok…“Punten” kuring ngetrok panto bari ngagero, kadenge panto dibuka “Iya,
eh ini Neng Nisa ya? mari masuk” ceuk nu muka panto ramah, haaaah kuring
reuwas, naha anjeunna nyaho yen kuring teh Nisa apan kuring teu
acan pernah kadie, nyaho imahna ge karek bieu ti babaturan kuring. “Oh
muhun” kuring ngan saukur bisa imut tapi hate mah ringrang maratan langit,
tuluy kuring asup bari olohok waah.. bener ieu teh imah Sam aduh gede pisan
subhanallah kawas istana, “Neng Nisa silahkan duduk, sebentar bibi panggilkan
dulu ibunya” oh jadi eta pembantuna, tapi dangdananna keren kos lain pembantu,
tuluy pembantu eta indit. Teu kungsi lila, “Assalamualaikum” katinggali aya
awewe saumuran indung kuring nangtung di hareupeun kuring “Waalaikumsalam”
buru-buru kuring ngajawab “Oh ini Nisa ya? Samuel sering cerita tentang Nisa,
katanya Nisa baik,cantik, keliatannya Sam sayang sekali sama Nisa, kalau Nisa
gimana sama Sam?” kuring reuwas maratan langit, ieu indungna Sam? Haah.. naha
make kerudung apan keluargana Sam agamana keristen, kuring masih keneh bingung
tur ngajawab “Muhun ibu, Nis age nyaah (jawab kuring bari lingsem) ehm, punten
ibu upami Sam kamana atos 7 dinten teu lebet ka kuliah?” ngadenge pertanyaan
eta indungna Sam cicing, wah aya naon ieu kuring sieun,rasa ringrang balik
ngarungkupan kuring, aya naon? Sarebu tanya jeung kasieun minuhan pikiran
kuring. “Nisa ayo ikut ibu, ada sesuatu yang mau ibu tunjukkan tapi ibu gak bisa
bilang sekarang” indung Sam langsung nangkeup kuring, kuring teu ngarti naon
maksudna tuluy indungna pok ngomong “Terimakasih ya sayang” cimata langsung
ngucur ti mata indung Sam. Sam? kamana anjeun?
Sapaparat jalan kuring ngan bisa tungkul sabari maca kalimah kalimah zikir,
sakapeung indungna Sam nyekel leungeun kuring tanda nenangkeun. “Nisa kita
sudah sampai” kuring beunta tuluy luak lieuk kasakuriling tempat eta, naha
indung Sam ngajak kuring ka pasantren kieu, kuring leumpang nuturkeun indungna
Sam, indungna Sam ngetrok ka hiji panto, bray panto eta di buka, kuring olohok
kasengsem “Sam” bener anu diuk eta Sam? subhanallah kasep pisan, manehna make gamis
jeung peci bodas meuni rapih katinggalna, “Nisa” indungna Sam ngagupayan ngajak
diuk ka kuring tuluy indungna Sam nyaritakeun naha Sam bet aya di dieu, manehna
jeung kulawargana ayeuna geus islam, subhanallah kuring bingah kabina bina,
saurna Sam berubah gara-gara kuring, Sam nyaah pisan ka kuring, kulawargana ge
teu nentang basa Sam mutuskeun rek asup islam malah kulawargana ngilu asup
islam.
Di taman kawasan pasantren eta kuring leuleumpangan jeung Sam, aduh kuring teu
kiceup kiceup nempo dirina subhanallah sababaraha kali kuring ngucap kalimah
eta (aduh kuring meuni sungguh terlalu ha,ha) di tengah tengan jalan Sam
ngeureunkeun leumpangna tuluy malik neteup kuring, kuring asa risih di kitukeun
ku manehna “Nisa ayeuna urang tos saagama, Nisa hoyong teu jadi bidadari anu
maturan hirup Sam salilana dunia sarta aherat?” kuring lingsem tanda satuju.
dgdfsurdtitrccfyhgbyxyv
BalasHapus